Minggu, 12 April 2009

BIANTARA PATURAY TINEUNG

Biantara Wawakil Siswa

Assalamu’alaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.






Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola

Assalamu’alaikum wr wb
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di dieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung du’a kanggo para siswa anu parantos lulus ti ieu sakola.
Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat.
Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing putra-putri urang parantos rengse diajar, salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.
Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi bae sadaya elmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng ramana.
Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka sasama, bear bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.
Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunekun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.
Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr wb.

11 komentar:

  1. nah gitu atuh... kalo ada yang posting ginian di blognya kan gua gak jadi pusing pas pelajara b.sunda.. :) makasih yuahhh ;)

    BalasHapus
  2. bener banget.....
    apalagi ak nak pindahan..jadinya suka kesulitan kalo ada tugas yang berbau bau basa sunda.....
    thanks yah.... :D

    BalasHapus
  3. nuhuuuunn . jadi kabantu niii.. :D

    BalasHapus
  4. sippp. kalo ada kekurangan tolong komen ya sob...

    BalasHapus
  5. Hatur nuhun kang mun iyeu mah panjang pisan

    BalasHapus
  6. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  7. mantap, mohon izin kopy ya kang asep,..

    BalasHapus
  8. Hatur nuhun tos dibantos sok sanaos simkuring di udag waktos,mugi kasaean bapa janten buktos engke di akhir jaman amiin Ya robal alamin

    BalasHapus